• Bagikan Blog Ini


    FacebookTwitterMore...

  • Site Info

    SEO Stats powered by MyPagerank.Net



  • blog-indonesia.com


    Ping your blog, website, or RSS feed for Free

  • RSS Suara Merdeka

    • Sebuah galat telah terjadi; umpan tersebut kemungkinan sedang anjlok. Coba lagi nanti.

Sang Hyang Sirah

Sastra Ujung Kulon

Prasasti Ujung Kulon
(Ti Pupuhu Nu Sejati) sumber : SANGATEN

Petilasan Sang Hyang Sirah

 

1. Ujar-ujar panglungguhan para susuhunan
Jajar pusaka titis waris karatuan
Udagan para kusumah nyampurnakeun badan
Nyandak waris pituduh, ti Bumi Suci Banyu Rasa Kahuripan
Geusan pibekeleun para satria ngaguar cumarita sangaten

2. Kinayungan nu mawa pangadegan wahyu Cakra Ningrat
Utusan ti Pajajaran nu pasti, sanes ti Kalinyamat
Lumungsurna teu mawa jimat, tapi mibanda sah adat
Olohok lain kabengbat kunu jadi, tapi inget ka riwayat
Nalika jaman nu parantos kaliwat

3. Umbul-umbul siloka tanjung bandera
Jadi tanda pikeun balarea nu aya
Ulah pada baburia, hijikeun tekad bangsa
Nincak kana hambalan, napak dina jalanna
Gumelar dina waktuna, cumarita dina hakna

4. Kikidung nu mawa beja, warisan ti pupuhu
Ulah rek di popoho, lamun rek pada ngagugu
Lumaku lalanang jagat, lai oge dikudu-kudu
Olahan nu mikahayang, teu surti kapara guru
Nurutkeun bae kahayang, ahirna kakurung nafsu

5. Ujung Kulon waris nu pasti, panglungguhan SANGHYANG SIRAH
Jumeneng alas mawangi, titis waris Hyang
Ulah poho kanu pasti, waris suci ti para kusumah
Nitih wanci nu mustari, ngadegkeun amanah prasasti sejarah
Gumelar wangsit nu pasti, ngalaksanakeun pancen amanah

6. Kakayaan waris ti gusti, pikeun ngeusi jati diri
Ujian pikeun diri, ngawujudkeun ngawangun nagri
Lumaku ulah ka lali-lali, komo bari ngaku-ngaku diri
Omongan bari teu pasti, nyasarkeun kanu rek ngabdi
Nu mana nu sejati pasti, nu nyiloka ngaraksa diri

Kidung Eyang Santang (1 s.d 14)
Penggalan :
Buru-buru geura anu pundung
Ratu maung teu terang ratu
Anu ditundung ditempat ratu
Anu mangperung leungitna ratu
Anu mangperung susah payah
Putra anu bingung ………………………………

Sah Adat Ujung Kulon (pernyataan/statement/janji)
Penggalan :
Ashadu sahadat ujung kulon
Pambuka ratu sakti
Ngancik suci yang mulia
Panggebray ratu ning ujung nyata
Suci kami manungsa darma titipan ……………….

Kidung Banyu Suara (1 s.d 24)
(diturunkeun di Sawojajar Bogor Tahun Alip Tanggal 13 Mulud 1970)
Penggalan :
Banyu suci anu gumelar
Banyu suci tungtung hiji
Banyu ratu cahaya suci
Nu ngawujud di bumi
Alam Sanghyang Sirah aya wujudna
Nyata manusa katembongna ………………………..

Sejarah Rama Agung Pajajaran (1 s.d 25)
Penggalan :
Jumeneng di Ujung Kulon
Gaduh Jenengan Ratu Agung Pangeran Sirna Putih
Di Ujung Kulan di sirah nusa
Nyawa kawitan nana
Sareng Ibu Agung Sanghyang Sirah

Keraton Nyi Mas Ayu Myangsari

Wangsit Prabu Siliwangi (1 s.d 18)
Penggalan :
Lalakon urang ngan nepi poe iyeu
Najan diya kabehan ka ngaing pada satia
Tapi ngaing hanteu meunang diya pipilueun
Milu hirup jadi balangsak
Milu rudin bari lapar
Dia mudu marilih
Pikeun hirup kahareupna
Supaya engke jagana jembar senang sugih mukti
Bisa ngadegkeun deui Pajajaran
Lain Pajajaran nu kiwari
Tapi Pajajaran anu anyar
Anu ngadegna digeuingkeun ku obah jaman

Pilih!!
Ngaing moal ngahalang-halang
Sabab pikeun ngaing hanteu pantes jadi Raja lamun soma sakabehna
Lapar bae jeung balangsak
Terjemahan
Pilih!
Saya tidak menghalang halangi
Sebab buat saya tidak pantas menjadi Raja kalau umat semua
Selalu lapar dan susah

Kidung Ujung Kulon (1 s.d 32)
Penggalan :
Uwung uwung awing awing
Bumi leungit keur gumulung
Dilebet rasiah gumulung
Kukuncung nyatana tungtung
Sanes bukti jadi maung
Tapi bukti terang
Kukuncung putih anu nulung

RaHayu…Cag


4 Tanggapan

  1. Pamuji Rahayu,

    hatur nuhun lur.. sastra sareng sabda sang Prabu, mugi urang tiasa tutumut wejangan sareng tiasa nagalakonan…, sesah pisan janten jalmi mun tos poho ka jati diri, duh .. asa kagugah… cag.
    nuhun
    rahayu..

  2. Sae kang..Pami kenging simkuring nyuhunkeun copyan seratan nu diluhur(lengkap) di kintunkeun ka alamat email kuring,pami teu kenging dmn simkuring tiasa ngagaleuh eta wawacan teh.?Haturnuhun

Tinggalkan komentar