Pun sampun amitan ampun
ka luhur ka Sang Rumuhun
ka handap ka Sang Batara
Sang Batara Sang Batari
Sang Batara Nagaraja
Sang Batari Nagaumpi
Ka luhur ka nu mayungan
ka handap ka nu ngamparan
jisim tanpa isim-isim
neda agung nya paralun
K luhur ka Sunan Ibu
ka Sang Ratu Payung Agung
ka handap ka Sunan Rama
ka Guru Putra Hyang Bayu
Sang Kolépat Herang ngaraning menyan
Sang Embut Putih ngaraning haseup
sukma nu dikukusan
sukma nu dikukusan
Neda agung nya paralun
neda panjang pangampura
pun sampun amitan ampun
Reuwas ku impian kuring
bisi ditagih jurig saketi
ngahutang anu salaksa
nagihna sok susungkunan
ngedukkeun nu jadi hojah
mancokeun hujan jeung getih
kuyupuk jadi halimun
kayapak jadi sagara
Ditulak ku rajah pamutah
pangmutahkeun lembur ieu
ti hilir kutana beusi
ti wétan kutana waja
ti kidul kutana wulung
ti kalér kutana inten
lain kuta bagja
…
tapi kuta panday …
…
Neda agung nya paralun
neda panjang pangampura
pun sampun amitan ampun
Notog ka Gunung Koromong
énggal ka Pandita Gunung Padang
bray caang neda padang
caang dina tungtung ati
dukun lebus paraji sakti
nu séda waruga jagat
ninggang nusa tigang puluh tiga
bangawan sawidak lima
neda agung nya paralun
neda panjang pangampura
Buyut Gahung Ratu Gahung
nu ngawindu di buana pancatengah
cupu disampun manik
datang manik astagina
Nu ngageugeuh di Gunung Halimun
Buyut Eundeur Buyut Eur-eur
Buyut Timbang Ajirarang
nu nanggeuy Aji Rajah Pakuan
Punika Rajah Pamunah
munah kayu munah batu
dipunah ku rajah pamunah
munah lemah katut imah
dipunah ku rajah pamunah
punah kayu katut batu
dipunah ku rajah pamunah
punah ku sajagat kabéh
punah ku sajagat kabéh
punah, punah, punah
ku sajagat kabéh
Punika Rajah Pamunah
bayu mada, bayu madi, bayu waras
tunggal kulit, tunggal dagingning déwata
bisina sumping ti peuting datang ti beurang
bayu mada bayu madi bayu waras
tunggal kulit tunggal dagingning déwata
Ulah matak jadi mandawa kana badan
ulah matak jadi mandawi kana diri
bisi aya jurig nyiliwuri
setan marakayangan
kelong néwo-néwo
ti cai geusan mandi
ti darat geusan pileumpangan
teu wana, teu wani, teu wawuh
Muncuk ka Sang Ratu Galuh
munday ka Kéan Santang
Sang Lumajéng Buanahérang
pangupatkeun pangupatkeun pangépéskeun
Bisi aya jurig nyiliwuri
sétan marakayangan
kélong néwo-néwo
ti cai geusan mandi
ti darat geusan pileumpangan
Muncuk ka Sang Ratu Galuh
munday ka Kean Santang
Sang Lumajéng Buanahérang
pangupatkeun pangupatkeun pangépéskeun
ka putra ka leuwisésa
ka putra ka leuwigedé
terusna ka Cihaliwung
mapayna ka Cisadané
Cihaliwung nunjang ngidul
Cisadané nunjang ngalér
pangrumbayan rambut panjang
paragi nu geulis mandi
paragi nu éndah ngala
ngala …
…
…
…
ditingalan nu ngahyang
Hunnggg Tatiya Ahuunngg….Cag
RaHayu…
Filed under: Serat Leluhur | Tagged: Galuh, Karuhun sunda, Kidung sunda, Pakuan, Parahyangan, Rajah pamutah, Rumpaka rajah |
sampurasun
seratan anu luhur ti para luhur leluhur.. mugia sing aya dina kalanggengan kangge pitutur luhur putra wayah anak incu…
Rahayu..nun.
Rampes…..mugya ginulur sapaneja kareksa kunu mahakawasa….Bagea salawasna
Ahuunnggg…RaHayu
MERDEKA…